Minggu, 22 Mei 2016

LATIHAN SOAL/ KISI-KISI UKK kelas 2016

 1.      Di Sukabumi aya dongéng nu kasohor sanusantara, nya éta dongéng Nyi Roro Kidul. Kaasup kana dongéng…
2.      Sedengkeun dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal ayana Sukabumi nya éta dongéng…

3.      Dina dongéng Gunung Tangkuban Parahu aya tokoh awéwé nu geulis pisan. Ku geulis-geulisna nepika Sangkuriang gé bogoh, tur maksa hayang kawin. Saha éta tokoh téh? ....
4.      Naon anu ngalantarankeun Sangkuriang teu jadi kawin?....
5.      Dongéng téh kaasup kana carita balaréa, sarta sumebarna ….
6.      Dongéng Kian Santang kaasup kana dongéng …
7.      Runtuyan kajadian nu dialaman ku tokoh dina dongeng disebut …
8.      Urang pada terang yén kasenian wayang téh dina jaman harita kacida pisan dipikaresepna ku urang Sunda. Wayang golék sumebar di tatar Sunda ku jasana ....
9.      Nu ngarundaykeun turunan Pandawa téh nya éta …
10.   Sedengkeun nu ngarundaykeun turunan Kurawa nya éta ….
11.   Dina carita Si Cépot Hayang Kawin, Si Cépot kagegeringan, langlang-lingling peresis kawas jelema kurang saendan, lantaran?....
12.    “Ah, da nya éya atuh Bapa manéh mah. Ngan ka Ema nu tara ngantep téh. Ema onaman dulang tinandé. Aéh, naha los-los ka dinya. Enya Bapa manéh mah, ka anak siga nu teu nyaah,” témbal Sutiragén.
Harti babasan dulang tinandé dina sempalan carita wayang di luhur ....
13.   Saha Satria nu ngéléhkeun raja jeung adipati ti salawé nagara dina saémbara téh?....
14.   Déwi Laelasari boga budak ti Si Cépot nu dibéré ngaran ....

15.   Kasenian “Sisingaan “ asalna ti wewengkon ....
16.   Dina carita Budak Buncir aya hiji resi nu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu dihormat ku runtuyan Kurawa jeung Pandawa, tapi leuwih mihak ka Kurawa sabab Kurawa mah gampang pisan diadudomba, katelahna ....
17.   Resi nu ngajiad Gatot Kaca ku élmu malih warna dina carita Budak Buncir, nya éta ....
18.   Babon atawa sumber carita wayang téh asalna ti India. Buku atawa kitab Mahabarata ditulis ku ….
19.   Tukang nabeuh gamelan mah ngaranna....

20.   Wawancara téh mangrupa guneman tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu ngajawab nu tujuanna pikeun ngumpulkeun informasi. Jalma nu miboga tugas méré informasi atawa nu ngajawab istilahna sok disebut ....
21.   Kunaon sababna nalika urang ngawawancara salian ditulis ngaliwatan catetan ogé kudu dirékam (foto, audio, audio visual), ....
22.   Saha nu diwawancara ku Yulianto Agung, wartawan ti majalah Cupumanik, dina taun 2007 téh ....
23.   Amanat Yaris Riyadi keur Viking jeung bobotoh séjénna téh diantarana, iwal....
24.   Drama Modern nu Judulna “ Bawa Kuring ka Ciawang” dikarang ku ....
25.   Sandiwara di tatar Sunda anu omonganna dihaleuangkeun make pupuh tur dipirig ku alat musik ....
26.   Sedengkeun sandiwara Sunda nu caritana pikaseurieun tur biasana teu ngagunakeun naskah, lewih condong kana impropisasi, disebut ....
27.   Sedengeun paguneman antara palaku jeung palaku lian dina drama, disebutna ....
28.   Bagian tina babak nu ditangtukeun ku datangna atawa inditna palaku dina drama, disebut ....
29.   Eusi carita drama nu nyaritakeun hiji kajadian pikasediheun, disebut ....
30.   Naon judul buku nu dirésénsi ku Atép Kurnia téh ....
31.   Saha nu ngarang buku nu dirésénsi ku Atép Kurnia téh ....
32.   Buku Persib Aing téh angrupa référénsi nu kawilang penting keur ....
33.   Novel nu pangheulana medal dina sastra Sunda, nya éta ....
34.   Novel dina sastra Sunda mimiti medal/terbit dina taun ....
35.   Kagiatan nganiléy atawa ngajén hiji karya bisa mangrupa buku, kaset, atawa CD, anu tujuanana pikeun nepikeun informasi ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran éta karya, disebut ....

Di hareupeun halteu beus, geus lila Rangga nangtung. Matana hayoh ngarérétan jam dina leungeunna. Geus lila tuluy leuleupangan bangun keseleun. Meunang tilu jam kikituanna téh. Éta beungeutne geus beureum, biwirna nyawet baketut haseum, bari kekerot keuheul. Leungeunna dikeupeulkeun bari nonjokan tihang halteu. Ari nu didagoan téh horéng Déwi. Kabogoh nu kaopat. Padahal harita téh Déwi aya tukangeun halteu, ngan hayangeun nguji kana kasatiaan Rangga. Ongkoh ti samééhna Déwi geus apaleun yén Rangga téh ngahianat. Kamari Rangga kapanggih keur jalan-jalan jeung awéwé séjén. Nepo Rangga nonjok tihang halteu, Déwi ukur mésem.
            “Awas siah Déwi, ku aing dicarékan,” ceuk rangga bari nénjrag pangdiukan halteu.
            “Émangnya gué pikirin, kitu. Dasar playboy cap kabel!” ceuk Déwi dina jero haténa. Bari tuluy seuri nyakakak. Untung wé ku Rangga teu kadéngéeun, da gandéng ku mesin mobil nu pasuliwer di jalan.**
...
36.   Téma atawa jejer tina sempalan carpon di luhur téh ....
37.   Kalimah barina ogé Déwi apaleun yén Rangga téh ngahinat, nuduhkeun yén watek atawa sipat Rangga téh ....
38.   Amanat nu hayang ditepikeun ti pangarang ka nu maca, dumasar sempalan carpon di luhur téh ....
39.   Nempo Rangga nonjok tihang halteu, Déwi ukur mésem.
Kecap mésem dina kalimah di luhur mibanda harti pangantéb keur pagawéan ....
40.   Anu teu kaasup bédana dongéng jeung carita pondok téh nya éta …
41.   Carpon téh mangrupa bagian tina carita prosa ….
42.   Buku kumpulan carpon nu pangheulana medal judulna ….
43.   Gelarna carpon téh mimiti awal abad ….
44.   ieu dihandap ditataan sawatara pangarang carpon Sunda, iwal ....
45.   Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina runtuyan carita disbut ....


 NB: LKS saparantos UKK dikempelkeun, lengkep sareng tugas anu teu acan ( carpon, resensi)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar