Rabu, 09 Maret 2016

KISI-KISI & LATIHAN SOAL UTS KELAS XI SEMESTER GENAP 2016


KISI-KISI & LATIHAN SOAL UTS KELAS XI SEMESTER GENAP 2016

1.   Urang pada terang yén kasenian wayang téh dina jaman harita kacida pisan dipikaresepna ku urang Sunda. Wayang golék sumebar di tatar Sunda ku jasana ....((Sunan Gunungjati, Sunan Kalijaga, Sunan Ampel, Sunan Bonang, Kiansantang))

2.   Nu ngarundaykeun turunan Pandawa téh nya éta …((Dewi Gandari-Dewi Kunti-Sudiragén-Srikandi-Dewi Setiawati))
3.   Sedengkeun nu ngarundaykeun turunan Kurawa nya éta ….((Abiasa-Pandu_Déstarata_Resi Parasara--Prabu Santanu))
4.   Dina carita Si Cépot Hayang Kawin, Si Cépot kagegeringan, langlang-lingling peresis kawas jelema kurang saendan, lantaran?....((Hayang kawin jeung putri geulis--Hayang boga élmu kabatinan jeung kadugalan__Sirik ka Si Déwala jeung Si Garéng--Hayang males pati ka Kurawa__Éléh perang ku balad Kurawa))
5.   “Ah, da nya éya atuh Bapa manéh mah. Ngan ka Ema nu tara ngantep téh. Ema onaman dulang tinandé. Aéh, naha los-los ka dinya. Enya Bapa manéh mah, ka anak siga nu teu nyaah,” témbal Sutiragén.
Harti babasan dulang tinandé dina sempalan carita wayang di luhur ....((Pamajikan nu wangkelang ka salaki--Pamajikan nu nyaah kacida ka salaki_Pamajikan nu nurut ka salakina_Pamajikan nu ngalawan ka salaki-Pamajikan nu timburuan ka salaki))
6.   Sanggeus kabur kabwa angin, baring supagi Si Cépot bakal ragrag di ....((Nagara Ténjomaya-Karajaan Pandawa_Nagara Astina--Nagara Buta-Karajaan Amarta))
7.   Saha Satria nu ngéléhkeun raja jeung adipati ti salawé nagara dina saémbara téh?....((Jaka Sembung-Jaka Wisnaya-Jaka Tambilung-Jaka Wardana-Jaka Susuruh))
8.   Déwi Laelasari boga budak ti Si Cépot nu dibéré ngaran ....((Sanghyang Batara Indra-Sanghyang Sangga Langit-Sanghyang Sangga Buana-Sanghyang Lingga Buana-Sanghyang Sangga Nagara))
9.   Kasenian “Sisingaan “ asalna ti wewengkon ....((Sukabumi-Sumedang-Cianjur-Subang-Bandung))
10.    Dina carita Budak Buncir aya hiji resi nu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu dihormat ku runtuyan Kurawa jeung Pandawa, tapi leuwih mihak ka Kurawa sabab Kurawa mah gampang pisan diadudomba, katelahna ....((Resi Dorna-Resi Mérakaca-Resi Bisma-Resi Parasara-Residipis))
11.    “ Mang Juha keur nyébor kembang di buruan”
Kecap nyébor asalna tina kecap ....((sebor-nébor-cébor-nebor-sébor))
12.    Resi nu ngajiad Gatot Kaca ku élmu malih warna dina carita Budak Buncir, nya éta ....((Resi Dorna-Resi Ngérakaca-Resi Mérakaca-Resi Parasara-Resi Bisma))
13.    Ngaran putri nu disaémbarakeun dina carita Budak Buncir ….((Déwi Lesminingpuri-Déwi Setiawati-Déwi Dahanawati-Déwi Dahanadéwa-Déwi Dahanayati))
14.    Babon atawa sumber carita wayang téh asalna ti India. Buku atawa kitab Mahabarata ditulis ku ….((Walmiki-Asep Sunandar S- Wyasa-Nano S.-Dede Amung Sutarya))
15.    Tukang nabeuh gamelan mah ngaranna....((sindén_alok _nagaya_nayaga_prayoga))
16.    Di Sukabumi aya dongéng nu kasohor sanusantara, nya éta dongéng Nyi Roro Kidul. Kaasup kana dongéng…((Fabél_Pamuk_Parabél_Mite_Sagé))
17.    Sedengkeun dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal ayana Sukabumi nya éta dongéng…((Nyi Roro Kidul_Sasakala Pakujajar di Gunung Parang_Sasakala Sakabumi Pajajaran_Nyi Sri Sekarwangi_Sasakala Batu Kinyang di Ciméran))
18.    Dongeng Gunung Tangkuban Parahu kaasup kana dongéng….((Fabél_Mite_Parabél_Pamuk_Sasakala
19.    Dina dongéng Gunung Tangkuban Parahu aya tokoh awéwé nu geulis pisan. Ku geulis-geulisna nepika Sangkuriang gé bogoh, tur maksa hayang kawin. Saha éta tokoh téh? ....((Déwi Setiawati_Dayang Sumbi_Wayungyang_Dayang Sambi_Déwi Sumbi))
20.    Saha ngaran palaku anu disimbolkeun ku jirim bagong, sanggeus nginum cai kahampangan raja tuluy reuneuh?....((Déwi Setiawati_Déwi Sumbi_Wayungyang_Dayang Sambi_Ngaruyang))
21.    Karék gé bérés cacarita, kurunyung aya anjing jalu nyampeurkeun ka saung ranggon tuluy nganteurkeun taropong ka luhur. Kumaha pok-pokan cacarita éta tokoh saméméh aya anjing nganteurkeun taropong, nu bener nya éta....((Sing saha waé jalmana nu bisa nganteurkeun taropong ka luhur, mun lalaki rék dijadikeun dulur mun lawéwé rék dijadikeun pamajikan_Sing saha waé anu bisa nganteurkeun taropong ka luhur, mun awéwé rék dijadikeun pamajikan mun lalaki rék dijadikeun dulur
_Sing Saha waé anu bisa nganteurkeun taropong ka luhur, mun awéwé rék dijadikeun dulur mun lalaki rék dijadikeun salaki_Sing saha waé jalmana nu bisa nganteurkeun taropong ka luhur, mun lalaki rék dijadikeun dulur mun awéwé rék dijadikeun adi_Sing saha waé jalmana nu bisa nganteurkeun taropong ka luhur, mun lalaki rék dijadikeun dulur mun awéwé rék dijadikeun dulur))
22.    Naon anu ngalantarankeun Sangkuriang teu jadi kawin?.... ((Sabab Sangkuriang kacida bogohna_Sabab nu rek dikawin téh indungna-Sabab Sangkuriang teu wani nedunan kahayang nu mere sarat-Sabab Sangkuriang nyaho nu rék dikawin téh indungna-Sabab Sangkuriang gagal nyumponan saratna))
23.    Dongéng téh kaasup kana carita balaréa, sarta sumebarna ….((Sacara tulisan_ku cara lisan-Ngaliwatan internet-dina radio_Ku nu ngarangna))
24.    Dongéng Kian Santang kaasup kana dongéng …((Fabél- Pamuk-Parabé-Miteu_Sasakala))
25.    Runtuyan kajadian nu dialaman ku tokoh dina dongeng disebut …((Alur-setting_Galur_latar_Plot))
26.    Laku-lampah tokoh dina dongéng aya nu jadi picontoeun aya nu jadi pieunteunggeun. Cing mana di handap ieu nu kaasup picontoeun? ((Ahirna peucang téh kari sumerah diri waé ka nu Maha Kawasa, bari ménta dipanjangkeun umur, sarta disalametkeun tina bahaya maot anu geus kari sahor-hoseun_Ayeuna kula salamet teu kaduruk. Tapi tadi lila pisan kula lapar, taya hakaneun. Ayeuna ngan kari manéh di dieu, meureun nya manéh keur sarapan kula téh tina euweuh deui hakaneun_Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus waé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh_Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawéna saban poé ngahuma. Getol ngahumana téh indit subuh dating magrib._Enya nya, ngan urang baé ngan urang nu goring bulu téh. Ténjo tuh Si Mérah mah, buluna mani rupa-rupa, tébal si Lutung.))
27.    Kecap pancén nu gunana paranti ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna, mangrupa wangenan tina .....((Interjéksi_Verba_Konjungsi_Numera_Préposisi))
28.    Wawancara téh mangrupa guneman tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu ngajawab nu tujuanna pikeun ngumpulkeun informasi. Jalma nu miboga tugas méré informasi atawa nu ngajawab istilahna sok disebut ....((Narawicara-Panata Acara-Narator_Panata Calagara_Narasumber))
29.    Kunaon sababna nalika urang ngawawancara salian ditulis ngaliwatan catetan ogé kudu dirékam (foto, audio, audio visual), ....((Ngarah gaya-Ngarah aya bukti tur ngarojong kana laporan_Ngarah nu diwawancara ngarasa dihargaan-Ngarah kadokumméntasikeun_Geus jaman modérn))
30.    Saha nu diwawancara ku Yulianto Agung, wartawan ti majalah Cupumanik, dina taun 2007 téh ....
((Indra Tohir-Cécép Supriatna_Yaris Riyadi_Robi Darwis-Zaenal Anwar
31.    Naon pangaruh ka pamaén mun bobotoh teu tuhu kana aturan? ((Mangaruhan méntal, jadi kesel jeung teu fokus_Pikabungaheun lantaran aya pangrojog ti bobotoh_Mangaruhan méntal jadi bungah jeung fokus maén_Lieur, lantaran di stadion jadi teu pararuguh kadéngéna_Pikabungaheun lantaran sarua jeung kahayang pamaén))
32.    Amanat Yaris Riyadi keur Viking jeung bobotoh séjénna téh diantarana, iwal....
((Mugi Viking tiasa teras satia wé ngadukung Persib_Viking tiasa langkung tartib tur sportif_Viking sing jantn pioner suporter di Indonésia_Viking sareng The Jack sing akur, supados Persib sareng Persija teu dirugikeun waé_Viking jeung bobotoh sing getol lalajo Persib, sok sanajan maénna éléh))
33.    ..... kaayaan di Pasar Baru?
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah pananya di luur nya éta....((di mana_mana_naha        _kumaha_kunaon))
34.    Istilah Drama téh ceuk sakaol asalna tina basa Yunani, draomai nu miboga harti ....((panggung_ngalakukeun_nyembah_cicing_dangdanan))
35.    Drama Modern nu Judulna “ Bawa Kuring ka Ciawang” dikarang ku ....
((Yus Rusyana_Ajip Rosidi_Wahyu Wibisana_Iskandar Wassid_Rukasah, S.W))
36.    Sandiwara di tatar Sunda anu omonganna dihaleuangkeun make pupuh tur dipirig ku alat musik ....
((gendingkaresmén_longsér_tunil_gondang_drama))
37.    Sedengkeun sandiwara Sunda nu caritana pikaseurieun tur biasana teu ngagunakeun naskah, lewih condong kana impropisasi, disebut ....((gendingkarasmén_longsér_tunil_téater_drama))
38.    Sedengeun paguneman antar palaku dina drama, disebutna ....((prolog_ epilog_dialog_ monolog_katerangan))
39.    Bagian tina babak nu ditangtukeun ku datangna atawa inditna palaku dina drama, disebut ....((adegan_katerangan_dialog_epiloh_prolog))
40.    Eusi carita drama nu nyaritakeun hiji kajadian pikasediheun, disebut ....((komedi_parodi_carita_. Longsér_tragedi))



1 komentar:

  1. assalamualaikum bapa..
    upami anu ieu mah kisi-kisi anu angkatan ti payun sanes ?

    BalasHapus