Selasa, 29 November 2016

KISI-KISI & LATIHAN SOAL UAS GANJIL 2016

LATIHAN SOAL UAS GANJIL 2016
WALER  SARTA LENGKEPAN SOAL-SOAL IEU DI HANDAP MINANGKA LATIHAN NGEUSIAN SOAL-SOAL UAS!


1.      Ceuk salah saurang tokoh nyebutkeun yén kasenian Tarawangsa lahir ti karajaan Mataram kira-kira abad XV. Saha ngaran éta tokoh? ...
2.      Kasenian Angklung Baduy, Dogdog Lojor, jeung Buncis mangrupa kasenian nu asalna ti daérah ....
3.      Dina nyusun laporan kagiatan basa nu digunakeun nya éta basa ....
4.      Sedengkeun dina ngawawancara mah basa nu digunakeunna téh basa ....
5.     “Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun, wiréh sadérék sadayana parantos kersa sumping ngaluuhan ieu rapat.”
6.     “... rapat dina dinten ieu badé ngabadantenkeun rencana acara Pekan Olahraga jeung Kasenian antar Kelas. Ieu kagiatan téh mangrupa kagiatan anu maneuh unggal semester dilaksanakeun di ieu sakola....”
7.      “Hatur nuhun ka sadérék anu parantos ngadugikeun usul anu kalintang saéna. Usul sadérék tangtos diperhatoskeun pisan. ....”
8.       “kumargi parantos teu aya deui nu badé naros sumangga urang .... waé ieu sawala ku ngucapkeun hamdalah sasarengan
9.      Ngabéwarakeun nu pangcanggihna bisa ku ....
10.    Wacana nu aya dina iklan mah kaasup wacana ....
11.     “Raray hoyong bersih tina jarawat? Anggo produk Ponds!” kaasup kana iklan....
12.    Nyarita dina wawancara mah lumangsung dua arah, nya éta ...
13.    Di handap ieu nu mangrupa hal-hal nu kudu ditataharkeun saméméh ngalaksakeun wawancara, iwal
14.    Tanya        : langkung écésna kumaha tah
  réaksina téh?
Jawab       : teu acan aya réaksi nanaon. Karék tingcareletuk. Maenya cenah wayang jiga jelema. Ku abdi mémang dirobah wayang téh. Beungeutna sapertos jalmi wé.
Kecap tingcareletuk dina wacana di luhur sarua hartina jeung ....
15.     “Satiap dalang tinangtu miboga kaonjoyan séwang-séwangan.”
Kecap nu didéngdékeun ngandung harti ....
16.  Teu meunang ulin sareupna bisi dirawu Kélong Wéwé. Alesan hadé tur lengkep tina kalimah di luhur nya éta ….
17.  Jalma nu pakasabanna ngala lauk di laut disebut ….
18.   “Di Masjid Agung upama geus bubar solat jumaahan sok loba nu ting kodongkrong jalma nu jajaluk” jalma tukang jajaluk istilahna sok disebut ….
19.  Bisi meunangkeun aki-aki/nini-nini. Teu meunang ….
20. Jalma tukang meruhkeun/nalukkeun sasatoan disebut
21. Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana teu mibanda wirahma nu angger/tetep.
22. Para pujangga ngarang atawa nyiptakeun rumpaka lagu tangtuna teu leupas tina ugeran guru lagu, guru wilangan, gayabasa, jeungpurwakanti.
Di handapieu nu mangrupa wangenan tina gurulagu ….
23. Nu kaasup kana wanda kawih di handap ieu nyaéta ….
24. Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Téma nu nyangkaruk dina rumpa kalagu di luhur nyaéta ….
25. Naon nu karasa sabada hidep ngahaleuangkeun lagu “ Cinta”?
26. Kumaha karasana upama hidep ngaregepkeun kawih “Anjeun”?
27. Cinta datangna teu karasa
Gandrung liwung miharep nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
28.  “Muhun da dikumahakeun deui da geuning tuang putra téh rada kirang diajarna, janten niléyna awon”
Ungkara di luhur ngandung gaya basa ….
29. “Junéd jeung Nonih mah lir Arjuna jeung Subadra”
Ungkara di luhur kaasup kana gaya basa ….
30.    Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Kaasup kana purwakanti …
31.  Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
bungah kagiridig simpé
simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa
32.  Iraha Mang Udjo dibabarkeuna?
33.  Mang Udjo téh minangka murid kameumeut guruna. Saha ngaran guru Mang Udjo téh?
34.  Salian ti jadi seniman Mang Udjo kantos ogé jantén guru. Dina taun sabaraha Mang Udjo jadi guru SGBN di Bandung?
35.  Mang Udjo téh kaasup nu calakan jeung motékar, diantarana bisa neruskeun kamekaran angklung anu diciptakeun jeung dimodifikasi ku guruna. Angklung anu munggaran nu sok dipaké ku urang kanékes ngagunakeun laras?
36.  Ku kawentarna Saung Angklung Mang Udjo nepi ka aya gegedén urang Thailand nu datang, nya éta?
37.  Kalimah hormat nu pangbenerna nalika bebeja hayang ka cai, nya éta ....
38.  Kecap nu bener nyebutkeun gering keur ka batur nya éta ....
39.   “ Abdi .... ka sakola tabuh 06:30, bénten sareng ibu bapa guru anu .... tabuh 06:00.”
Kecap anu bener pikeun ngeusian kalimah di luhur nya éta ....
40.  Upama urang ditanya alamat imah, jawaban nu pantes nya éta ....
41.  Kalimah nu bener upama urang ngawanohkeun diri dina acara atawa kaayaan resmi, nya éta ....
42.  Sedengkeun basa Sundana tina nama panggilan, nya éta ....
43.    Kasenian nu asalna ti Sukabumi ngagunakeun waditra angklung jeung dogdog panjang, sarta biasana dipagelarkeun waktu upacara melak paré di wewengkon Ciptagelar, nya éta ...
44.    Tujuan paling utama tina kagiatan adat Sérén Taun di Cigugur nya éta ...
45.    Pésta Dadung ngandung ma’na pikeun miara jeung ngajaga kasaimbangan alam sangkan hama teu ngaganggu manusa. Biasa dilaksanakeun dina tanggal ....
 







1 komentar:

  1. kang manawi tiasa file2 soal lengkepna dikintun ka bagus73.gmp@gmail.com
    haturnuhun

    BalasHapus