LATIHAN SOAL UTS GANJIL KELAS XI 2015
1. “Muhun da dikumahakeun deui da geuning tuang putra téh rada kirang diajarna, janten niléyna awon”
Ungkara di luhur ngandung gaya basa ….
a. ngasor d. rautan
b. kadalon é. parsprototo
c. mijalma
2. “Abdi mah gaduh tanah ge mung satapak peucang”
Kalimah diluhur ngandung gaya basa ….
a. ngasor d. rautan
b. kadalon é. parsprototo
c. mijalma
3. “Junéd jeung Nonih mah lir Arjuna jeung Subadra”
Ungkara di luhur kaasup kana gaya basa ….
a. kadalon d. kadalon
b. ngasor é. Lalandihan
c. rawutan
4. Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana teu mibanda wirahma nu angger/tetep.
a. kawih d. juru tembang
b. juru kawih é. gurulagu
c. tembang
5. Para pujangga ngarang atawa nyiptakeun rumpaka lagu tangtuna teu leupas tina ugeran gurulagu, guru wilangan, gaya basa, jeung purwakanti.
Di handap ieu nu mangrupa wangenan tina gurulagu ….
a. padeukeutna sora basa
b. rakitan basa nu geus matok
c. sora vocal dina tungtung padalisan
d. jumlah engang dina unggal padalisan
e. jumlah padalisan dina sapada
6. Jalma nu ngahaleuangkeun tembang sok disebut …
a. juru mamaos d. guru mamaos
b. juru mamos é. guru kawih
c. juru kawih
7. Nu kaasup kana wanda kawih di handap ieu nya éta ….
a. pupuh d. sawér
b. wawacan é. cianjuran
c. degung
8. Sarupaning lagu nu rumpakana teu uger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana mibanda wirahma nu angger/tetep.
a. kawih d. juru tembang
b. juru kawih é. gurulagu
c. tembang
9. Teu honcéwang sumoréang
tékadna pahlawan bangsa
cadu mundur pantrang mulang
mun maksud tacan laksana
Téma nu nyangkaruk dina rumpaka lagu di luhur nya éta ….
a. Kapahlawanan d. kulawarga
b. Bajoang é. Kayakinan/agama
c. Silih asih
10. Tulisan nu dijerona nyaritakeun ngeunaan riwayat hirup hiji jalma nu ditulis ku dirina sorang, disebut ....
a. Biografi d. Riwayat hirup
b. Otobiografi é. Curiculum vitae
c. Biodata
11. Sedengkeun tulisan nu nyaritakeun riwayat hiji jalma nu ditulis ku jalma séjén, disebut ....
a. Biografi d. Riwayat hirup
b. Otobiografi é. Curiculum Vitae
c. Biodata
12. Saha ari ngaran lengkep Mang Udjo?
a. Udjo Ngalagena d. Udjo Kalangenan
b. Udjo Ngalahgena é. Udjo Ngalahgenah
c. Udjo Ngalagenah
13. Iraha Mang Udjo dibabarkeuna?
a. 5 Juni 1937 d. 5 April 1947
b. 5 Maret 1937 é. 5 Maret 1927
c. 5 Juni 1927
14. Mang Udjo téh mangrupa murid kameumeut guruna. Saha ngaran gurun Mang Udjo téh?
a. Nano S. d. Daeng Sutigna
b. Tatang Sutarma é. Tatang Sutigna
c. Daeng Sutisna
15. Salian ti jadi seniman Mang Udjo kantos ogé jantén guru. Dina taun sabaraha Mang Udjo jadi guru SGBN di Bandung?
a. 1948-1951 d. 1966
b. 1951-1952 é. 1996
c. 1952-1959
16. Mang Udjo téh kaasup nu calakan jeung motékar, diantarana bisa neruskeun kamekaran angklung anu diciptakeun jeung dimodifikasi ku guruna. Angklung anu munggaran nu sok dipaké ku urang kanékes ngagunakeun laras?
a. Madenda d. diatonis
b. Pélog é. Kulu-kulu
c. Madenda
17. Ku kawentarna Saung Angklung Mang Udjo aya gegedén urang Thailand nu datang, nya éta?
a. Ratu Siritit d. Akiko Nagsaki
b. Ratu Sirikit é. Akiko Matsunaga
c. Raja Siritit
18. Lambang RI jero ngandung harti
lamun bener diamalkeunana
persatuan tangtu témbong
teu cukup ku disebut
atawana ngan apal na biwir
Bhinéka Tunghal Ikha
maksudna gumulung
kabéh sélér-sélér bangsa
beda-beda tatapi asal sagetih
béda tapi sarasa
Gurulagu jeung guruwilangan pupuh di luhur nya éta...
a. 10i,9a,8o,8u,10i,7a,7u,8a,12i,7a
b. 9i,9a,8o,8u,9i,7a,6u,8a,12i,6a
c. 10i,10a,8o,8u,10i,7a,6u,8a,12u,7a
d. 9i,9a,8o,8u,9u,7a,6u,8a,12i,6a
e. 10i,10a,8o,10i,7a,6u,8a,12i,7a
19. Téma lagu tina soal nomer 6. Nya éta …
a. persatuan d. silih asih
b. bangsa é. politik
c. kayakinan
20. Naon nu karasa sabada hidep ngahaleuangkeun lagu “ Cinta”?
a. bungah d. kasmaran
b. sedih é. keuheul
c. gumbira
21. Téma kawih “Duh Manis” nya éta ...
a. percintaan d. kasenian
b. kakulawargaan é. pendidikan
c. olah raga
22. Kumaha karasana upama hidep ngaregepkeun kawih “Anjeun”?
a. sedih d. sieun
b. gumbira e. kasmaran
c. keuheul
23. Kumaha karasana ku hidep mun ngaregepkeun kawih Bubuy Bulan?
a. sedih d. gumbira
b. keuheul é. sieun
c. daria
24. Cinta datangna teu karasa
Gandrung liwung miharep nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
Sempalan rumpaka kawih di luhur judulna ....
a. cinta d. bubuy bulan
b. duh manis é. anjeun
c. Karatagan Pahlawan
25. Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Rumpaka kawih di luhur judulna ....
a. situ ciburuy d. cinta
b. bubuy bulan é. duh manis
c. anjeun
26. ....
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya
Iwal anjeun
Ungkara di luhur ngandung gaya basa ....
a. mijalma d. ngasor
b. rarahulan é. lalandihan
c. hurunan
27. “Barudak Smanda jeung barudak semanti keur maraén bal.”
Ungkara di luhur ngagunakeun gaya basa ....
a. ngasor d. parsproparto
b. kadalon é. parsprototo
c. mijalma
28. ....
Soca deudeuh neuteup deukeut
Nyangreudkeun deudeuh kameumeut
Anu murwakanti dina sempalan rumpaka kawih di luhur aya dina …
a. Sora a d. Sora eu
b. Sora é é. Sora o
c. Sora e
29. Cing cangeling manuk cingkleung cindeten
Kaasup kana purwakanti …
a. Maduswara d. laraskawit
b. Pangluyu é. mindoankawit
c. Laras madya
30. Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pélét asihan
Anu ngandung purwakanti laraspurwa dina rumpaka kawih di luhur, nya éta ....
a. padalisan ka 1 jeung ka 2
b. padalisan ka 3 jeung ka 4
c. padalisan ka 2 jeung ka 4
d. padalisan ka 1 jeung ka 3
e. padalisan ka 2, 3, jeung ka 4
31. Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
bungah kagiridig simpé
simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa
Rumapaka di luhur ngagunakeun purwakanti ....
a. margaluyu d. Laraswekas
b. mindoanwekas é. larasmadya
c. mindoankawit
32. Kunaon luluhur atawa karuhun urang Sunda bet terus nurunkeun jeung ngajarkeun Adat istiadat jeung tradisi?
a. Supaya teu musna
b. Supaya lastari
c. Aya ajén anu alus/positif
d. Sangkan teu kaéréh ku urang deungeun
e. Sangkan generasi ngora percaya kana mitos
33. “Teu meunang dahar dina coét atawa lulumpang” sabab bisi ....
a. Peupeus coétna d. Kawin jeung aki-aki
b. Kawin jeung randa é. Nongtot jodo
c. Kawin jeung duda
34. Dina Upacara Adat Ngawinkeun/nikahkeun sok aya prosesi “nyawér” anu tujuanna ....
a. Pikeun méré papatah kanu rék laki-rabi
b. Pikeun méré du’a kanu rék laki-rabi
c. Pikeun némbongkeun kabeungharan
d. Pikeun ngahibur barudak
e. Pikeun ngahibur nu rék laki-rabi
35. Éséy nya éta karangan wangun ... nu eusina medar kalawan basajan ngeunaan hiji masalah dumasar puseur paniten nu nulisna.
Kecap nu bener pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ....
a. prosa d. rumpaka
b. puisi é. naratif
c. tulisan
36. Éséy ngeunaan “ Urang Dengeun Nu Marikacinta Budaya Sunda” di tulis ku ....
a. Nano Sutarma d. Tatang Sutarma
b. Nano S. é. Mang Koko
c. Nano A.
37. Aya dua urang tokoh deungeun nu kawentar soson-soson dian diajar kasenian tradisi Sunda. Urang deungeun nu nalungtik hubungan panjang kuku jeung sora kacaci nudihasilkeun nya éta ...
a. Akiko Kawagochi d. Linda Hibbi
b. Akiko Matsunaga é. Linda Hibb
c. Akiko Kawaguchi
38. Sedengkeun anu nalungtik ngeunaan harti tina “kulu-kulu” nya éta ....
a. Akiko Kawagochi d. Linda Hibbi
b. Akiko Matsunaga é. Linda Hibb
c. Akiko Kawaguchi
39. Biasana salian ti rasa reureus jeung kayungyun, aya ogé rasa éra; ari batur bisa urang henteu. Béh dituna sok aya karumasa, geuning bangsa deungeun mah daék mikacinta jeung mulasara kasenian Sunda, ari urang geuning bet api lain.
Saha nu ngarasa reueus jeung kayungyun téh?
a. urang deungeun d. seniman
b. urang é. Juru kawih
c. dulur
40. boga karumasa naon cenah manéhna téh?
a. Rumasa bisa d. nyaah
b. Teu bisa é. ambek
c. Teu bisa micinta
Tidak ada komentar:
Posting Komentar